Basa Sunda

SYUKUR, SHOBAR & IKHLASH

SANGGEUS urang bisa metakeun syukur jeung shobar balukar ridlo kana katangtuan Allah SWT, nya eusi tina syukur jeung shobar téh kudu direujeungan ku ikhlash. Hakékatna syukur téh ibadah. Pon kitu deui hakékat shobar. Syukur nyaéta ngaberdayakeun poténsi anu nyampak, boh dina diri urang pon kitu deui di lingkungan urang, saperti pidawuh Allah SWT, La in syakartum la ajiidannakum, wa la in kafartum inna adzaabii lasyadiid. Lamun téa mah urang bisa ngaberdayakeun pirang-pirang nikmat ti Mantenna, nya baris ngaréaan nikmat anu karandapan ku urang. Kawas nagara urang anu ngabogaan kakayaan alam anu sakitu réana, kudu diberdayakeun, lain diruksak. Jéntré, upama diruksak baris jadi inna adzaabii lasyadiid. Tatangkalanna ditaluaran, antukna baris nyababkeun érosi, balukarna walungan jadi déét, breg hujan caah di mana-mana, padumukan anu legok kakeueum mangbulan-bulan, patali marga jadi teu lancar. Tah, anu kitu inna adzaabii lasyadiid téh. Pon kitu deui lamun urang boga anak, laju poténsi anak urang téh kana ‘anu’, prak berdayakeun, tinangtu baris karasa balukarna. Sabalikna upama bakatna dihalangan, nya baris jadi inna adzaabii lasyadiid. Bisa waé éta anak urang ka hareupna baris teu bener. Nya bakat naon wé éta mah. Bakat kana dagang, bakat kana ngaguruan jeung sajabana. Ngan ulah bakat kana maling, bisi dititah maké Rompi KPK.

Nya kitu deui shobar. Da hakékatna mah antara shobar jeung syukur téh ngahiji. Lamun urang ngadegkeun sholat, atra syukur ka Allah SWT. Praktékna mah tetep kudu dibarengan ku shobar. Lamun teu shobar, baris ngalahirkeun horéam, gurung-gusuh jeung sajabana. Saterusna, lampah shobar jeung syukur téh kudu dibarengan ku ikhlash. Naon ari ikhlash? Cék basa Sunda mah ikhlash téh clik putih clak hérang, teu geuneuk teu maleukmeuk, caang wulan opat welas, jalan gedé sasapuan, putih beresih, hérang méncrang, nyacas ngagenyas, ngagenclang hérang, teu karana itu teu karana ieu, éstuning ukur miharep karidlo Allah SWT.

Numutkeun Syékh Sayyid Sabiq, patokan ikhlash téh nyaéta upama hiji jalma boga maksud, boh ku ucapanna, ku laku-lampahna, ku perjoanganna katut ku harta bandana, anu dipamrih téh ngan hayang tepung jeung Kholiqna, nyaéta Allah SWT pikeun ngahontal karidloan-Na. Bari niatna téh teu dikiruhan ku komérsial, saperti daék hudang peuting ku sabab aya pangabutuh, daék nahan lapar ku sabab aya anu diudag. Tah, wanda lampah kitu téh can ikhlash, sabab boga kénéh sipat komérsial. Sok sanajan cék urang sisi mah kudu kuru cileuh kentél peujit, disebutna téh tirakat, dina énggoning pikeun ngahontal dunyawi mah. Nu kitu mah komérsial. Sajaba ti éta ogé teu dirobéda ku maksud-maksud néangan ‘popularitas’ atawa hayang kasebut ‘anu’, saperti angkat ka Mekah hayang disebut Pa Haji, Bu Haji, Kang Haji, Ceu Haji jeung sajabana. Atawa asup ka masjid hayang disebut Ahli Dzikir, indit ka pangajian hayang disebut Ahli Pangaosan jeung sajabana. Upama hiji jalma geus bisa nyingkahkeun perkara-perkara tadi, nya amalna baris diangkat langsung ku Allah SWT. Sabab bakal beresih tina pirang-pirang kokotor jiwana atawa goréng patut amalna.

Dina Al-Quran Surat Al-Bayyinah ayat 5 Allah SWT ngadawuh, “Padahal maranéhna teu ditimbalan salian ti sangkan ibadah ka Allah, kalawan ikhlash ngalaksanakeun agama karana Mantenna, jeung nyingkahan laku-lampah sasar sarta ngadegkeun sholah, nyumponan zakat, sabab éta téh agama anu lempeng.” Lajengkeuneun. ***

Ku : KH. E. Bahrul Hayat

Editor :Ki Udin/BD

Comments
To Top