Basa Sunda

SERIAL KI UDIN : KESATUAN & PERSATUAN

“Ki, ari persatuan jeung kesatuan hartina naon?” Kang Adun muka wangkongan.

“Mun urang muka Kamus Besar Bahasa Indonésia pedalan Balé Pustaka, persatuan hartina nyaéta: Kahiji, Gabungan (ikatan, kumpulan dsb) beberapa bagian yang sudah bersatu. Contona basa Indonésia nyaéta basa persatuan bangsa Indonésia. Kadua, Perserikatan atawa serikat. Serikat mah asalna tina basa Arab, syarikat, saperti Syarikat Islam Jawa Barat anu kiwari dipingpin ku H. Oman Fathurrohman, S.Pd.I. Ari kesatuan mah hartina: Kahiji, Perihal satu. Kadua, Keésaan, sifat tunggal, hal keseutuhan. Katilu, Satuan.” Cék Ki Udin.

“Ari béntenna numutkeun Aki kumaha?” Cék Jang Odon.

“Cék pamanggih Aki, cék pamanggih Aki ieu mah, Don. Bisa bener ogé bisa salah. Persatuan hartina sabeungkeutan dina perkara anu sarua. Ari kesatuan mah sabeungkeutan dina perkara anu béda. Persatuan hartina bersatu dalam persamaan. Ari kesatuan mah bersatu dalam perbédaan.” Cék Ki Udin.

“Naha bisa kitu, contona kumaha Ki?” Cék Kang Adun.

“Contona mah kieu. Urang maké misil anu énténg wé. Misal, Kang Adun jeung Jang Odon indit ka leuweung, seja ngala pisuluheun. Nepi ka leuweung, Kang Adun mah sakur pisuluheun diala, dibeungkeut. Aya kirinyuh, saliara, pangpung bintinu, pangpung albasiah, pangpung jeungjing, ka pangpung pangpung jéngkol jeung pangpung waru anu liat, diala, dirad, dibeungkeut. Ari Jang Odon mah teu kitu. Jang Odon mah anu dialana laju dibeungkeut téh ukur kirinyuh garing anu senget wé, teu kacampuran anu lian komo ku pangpung waru mah. Jajauheun ngala pangpung tangkal kai anu disampingan mah. Kang Adun, disebutna kesatuan. Ari Jang Odon mah katelahna persatuan.” Cék Ki Udin.

“Cobi paparin conto anu sanésna Ki.” Cék Jang Odon.

“Conto séjén. Misalna, Kang Adun jeung Jang Odon lunta ka tegalan, seja ngarit pikeun ingon-ingon. Nepi ka tegalan, Kang Adun mah sagala diarit sabangsa jukut téh laju dibeungkeut atawa diancunan. Ari Jang Odon mah ukur ngarit daun sintrong anu dibeungkeut atawa ditolombongan téh. Tah éta ogé ngaranna kesatuan jeung persatuan. Kaharti nya?” Cék Ki Udin.

“Kaharti Ki. Cik ménta conto anu séjénna deui, anu rada mulitik Ki.” Cék Kang Adun.

“Rada mulitik saeutik. Nagara urang téh katelahna NKRI. Wancahan tina Negara Kesatuan Republik Indonésia. Kecap kesatuanna moal bisa dirobah ku kecap naon waé, kaasup ku kecap Komunis atawa ku kecap Karésten. Cék basa politikus mah harga mati téa. Naon sababna disebut nagara Kesatuan? Sabab geus bisa ngahijikeun, meungkeut atawa ngabeungkeut rupa-rupa bangsa jadi sabangsa, nyaéta jadi bangsa Indonésia. Ari asalna mah apan aya bangsa Acéh, bangsa Batak, bangsa Minang, bangsa Dayak, bangsa Bugis, bangsa Mandar, bangsa Sunda, bangsa Jawa jeung réa-réa deui anu baheula kungsi dijajah Walanda. Kiwari mah katelahna suku atawa sélér téa. Ku alpukahna para pamingpin, para patriot, para inohong bangsa urang baheula, nya dihijikeun, dibeungkeut jadi bangsa Indonésia. Laju pikeun komunikasi antara bangsa Indonésia, anu rupa-rupa basana, nya basana dihijikeun ku basa persatuan anu katelah basa Indonésia, bari basa sélér masing-masing tetep dipiara. Lamun Kang Adun komunikasi jeung urang Papua, wayahna kudu maké basa persatuan nyaéta basa Indonésia, da moal kahartieun mun maké basa Sunda mah. Bangsana ngahiji babarengan sabeungkeutan jadi bangsa kesatuan Indonésia, basana hiji nyaéta basa persatuan Indonésia.” Cék Ki Udin.

“Ngawarangkong naon ieu téh meni daria?” Saur Ustadz Udun anu nembé hol.

“Ieu nuju ngawangkong perkawis kesatuan dan persatuan, Ustadz.” Cék Ki Udin.

“Euleuh geuning rada mulitik…..” Saur Ustadz Udun.

“Muhun Ustadz.” Cék Jang Odon.

“Cing conto anu rada ngIslam Ki.” Cék Kang Adun.

“Pamanggih Aki, upama ormas-ormas Islam, anu dina perkara furu-na rupa-rupa, dibeungkeut jadi sabeungkeutan, nya disebutna Kesatuan Islam, nya jadi Ahli As-Sunnah wa Al-Jama’ah alias Sunni. Upama beungkeutan dina masalah aqidahna, ku sabab Rukun Imanna sarua jeung Rukun Islamnna sarua, nya katelahna Persatuan Islam, nya jadi Ahli As-Sunnah wa Al-Jama’ah alias Sunni. Jadi, Ahlus Sunnah Wal Jama’ah alias Sunni téh kesatuan dina syari’ah/ibadah, persatuan dina aqidah.” Cék Ki Udin.

“Ari Ahlus Sunnah Wal Jama’ah téh saha Ustadz?” Cék Kang Adun ka Ustadz Udun.

“Urang atanapi muslim anu tumut kana sunnah Rosulullah SAW sareng nuturkeun tapak lacak jama’ah Rosulullah SAW, nyaéta para Shahabat RA.” Saur Ustadz Udun.

“Naon bédana Persis jeung organisasi Islam séjénna, Ustadz?” Cék Kang Adun.

“Jam’iyyah Persis aqidahna sami sareng organisasi-organisasi Islam sanésna, sapertos SI, PUI, NU, NW, MA, Muhammadiyah, Al-Irsyad, Al-Washliyah anu katelah Ormas Lokal. Pon kitu deui sareng Ormas Global sapertos HTI, Salafi, JT, Ikhwanul Muslimin, katut anu sanésna. Sok aya béntenna téh mung dina masalah furu. Margi apan dina masalah furu atanapi dina syari’ah mah seueur madzhabna. Dina masalah aqidah mah sami pada-pada Sunni atanapi Ahlus Sunnah Wal Jama’ah. Sanés kitu Ki?” Saur Ustadz Udun.

“Allahu ‘alam.” ***

Comments
To Top