Basa Sunda

PINTER NYANYI TEU BISA NGAJI

DINA hadits riwayat Muslim Rosul SAW ngadawuh, “Saban budak dilahirkeun dina kaayaan fithroh (Islam), nya dua kolotna anu ngajadikeun manéhna (ngabogaan sipat)) Yahudi atawa Nashrani atawa Majusi.”

Hadits di luhur ayeuna kabuktian pisan, kiwari mah boga budak téh lain dititah indit ngaji, tapi dititah ngiluan kompetisi nyanyi. Apan nyanyi téh salah sahiji ajaran ti kaom Yahudi jeung Nashrani. Saleuheung umpamana lamun lagu anu dinyanyikeun téh genrena pantes pikeun barudak, pan ieu mah lagu-lagu rumaja atawa lagu déwasa hungkul, anu eusi jeung lirik laguna teu pantes dinyanyikeun ku budak leutik.

Di Indonésia aya sababaraha kompetisi nyanyi husus pikeun budak leutik, contona “Indonesia Idol Junior” jeung “The Voice Kids”. Anu ayeuna keur meujeuhna viral di Instagram jeung Youtube mah nyaéta “Indonesia Idol Junior. Kompetisi anu disiarkeun di salah sahiji TV Swasta milik konglomerat asal China téa loba pisan anu mikaresep. Nya teu loba anu mikaresep kumaha, da dibébénjokeun ku hadiah anu mangpuluh-puluh juta, ditambah ku juri-jurina artis hungkul anu ayeuna keur mejeuhna naék daun. Ngan, tina sababaraha hiji kompetisi nyanyi husus budak leutik, euweuh hiji ogé pamilon anu nyanyikeun lagu husus barudak leutik. Kabéh patandang nyanyikeun lagu-lagu déwasa anu téma-témana ngeunaan percintaan, perselingkuhan, jeung penolakan.

Anji, mantan vokalis band Drive dina youtubena “Dunia Manji” ngahanjakalkeun pisan kana acara kompetisi éta. Ceuk Anji, manéhna teu satuju pisan lamun budak leutik nganyanyikeun lagu-lagu déwasa, sabab kontén-konténa loba pisan anu sakuduna teu dinyanyikeun ku budak leutik. Kuduna budak leutik mah nyanyikeun lagu budak leutik deui.

Salian ti konténna anu teu pantes pikeun budak leutik, lamun disidik-sidik mah pakéanna ogé saruana teu parantes. Da kudu sajalan téa antara pakéan jeung téma lagu anu dinyanyikeun. Nya kapaksa budak leutik ogé kudu dangdan jiga jalma déwasa. Anjogna mah pamilon barudak leutik téh diperdeih kudu jadi déwasa supaya sajalan jeung téma laguna. Lamun ceuk paribasa mah ‘asak dikarbit’ téa atawa déwasa saacan waktuna.

Puguh deui lamun ceuk syaréat Islam mah pasti patoja’iyah pisan. Sabab Islam mah boga cara jeung aturan sorangan pikeun ngadidik budak. Ceuk Islam mah budak téh salah sahiji anugrah anu diamanahkeun pikeun dididik supaya jadi insan anu mulya, sangkan sajalan jeung fithrahna. Rosululloh SAW ngadawuh: “Misil jalma anu nyuprih élmu dina nalika budakna ibarat ngukir dina batu, jeung misil jalma anu diajar nalika déwasa ibarat nulis dina cai.” (H.R. Thabrani).

Numutkeun hadits di luhur, yén waktu anu pangalusna pikeun ngadidik budak téh nyaéta nalika umurna ngora kénéh. Matakan dina sistim pendidikan Barat mah nyebutkeun yén 80% umur produktif pikeun mekarkeun intelektual budak téh aya dina umur 0-4 taun, 50% aya dina umur 4-8 taun, 30% anu leuwih ti 8 taun. Umur-umur éta téh katelahna Golden Age (Masa Keemasan). Padahal mah konsép éta téh lain asli ti Barat tapi konsép ti Islam anu dicontoan ku para Nabi jeung Rosul dina ngadidik anak incuna. Ngan hanjakal ku umat Islam mah konsép éta téh kalah ditingakeun.

Kapir mah apanan moal eureun-eureun maséan kaom Islam nepi ka ngagugu kana kahayangna. Kahayang maranéhna mah kumaha carana kaom Islam téh lalaunan ninggalkeun syaréatna. Pan kiwari geus kabuktian pisan, kolot ayeuna mah batan ngajujurung indit ngaji mah malah nitah ngiluan kompetisi nyanyi. Teu nanaon teu bisa ngaji anu penting mah bisa nyanyi. Teu nanaon teu apal ayat-ayat Illahi, anu penting lancar nyanyi. Teu nanaon tara sholawatan, anu penting bisa nyanyi jeung dangdutan, sugan wéh jadi biduan. Anu kitu téh lamun ceuk Doel Sumbang mah disebut ‘Berenyit’. Kiwari ‘Bebenyit’ geus jadi ‘Berenyit’. ‘Berenyit’ mah, lamun ngobrol jeung maranéhna geus teu apal naon ari mukena, cenah modéren lamun bedegong. Matakan kadé ka anu jadi kolot, kudu bener ngadidik ‘Bebenyit’ téh sangkan hanteu jadi ‘Berenyit’. Pan cilaka lamun ti leuleutik kénéh geus dijauhkeun tina syaréat. Komo gedéna engké kumaha?

Fenomena ieu tangtu teu bisa diantepkeun kitu waé. Peran kulawarga, ulama jeung nagara penting pisan dina ngadidik generasi ngora. Sabab ceuk salah sahiji Psikolog Anak dan Remaja, Dian Fitriaswaty, nyebutkeun yén budak mah peniru ulung, artina naon waé anu ti bubudak diajarkeun jeung dicontokeun ka éta budak pasti kabéh diturutan. Lamun ayeuna budak kénéh geus dijujurung diajar nyanyi, meureun dina jaga gedé téh Pinter Nyanyi Teu Bisa Ngaji. Pan baheula Pak Jokowi kungsi jani rék nyieun révolusi mental. Atuh lamun kieu kayaana mah lain révolusi méntal tapi cacat méntal. Pon kitu deui anu boga tanggung-jawab moral mah nya ulama anu kudu méré conto ka umatna. Tangtuna conto anu bener. Lain ieu mah ongkoh ketua MUI tapi kalah ngilu goyang jeung biduan. Pan teu méré tontonan jeung tungtunan anu bener pikeun generasi ngora ka hareupna. Naudzubillahimindzalik. ***

Mulyana (Mahasiswa Sastra Sunda Unpad) / Majalah Bina Da’wah Nomor 464

Comments
To Top