Basa Sunda

OMONG LEUWIH HARUS BATAN GOONG

BABASAN omong leuwih harus batan goong, méré tangara sangkan ati-ati dina nyarita. Teu meunang sagawayah. Tapi kudu dipikir heula. Masing asak-asak ngéjo, bisi tutung tambagana. Masing asak-asak nénjo bisi kaduhung jagana. Hiji omongan akibatna bisa hadé jeung bisa goréng. Sanajan éta omonngan téh hade, tapi lamun kadéngé ku jalma goréng haté, akibatna bakal goréng. Bisa waé ditarambahan atawa dikurangan tina anu kadéngéna, sangkan jadi pitnah. Nu séjén pipilueun ceuceub ka anu ngomongna saperti manéhna, atawa supaya cilaka. Gusti Alloh ngadawuh ka Nabi Adam AS: “Hé Adam pék hidep jeung bojo hidep arasup ka Sawarga, jeung pék dahar saniskara kadaharan naon baé anu dipikaresep ku hidep. Tapi poma hidep ulah rék deukeut kana ieu tangkal”. Namung dawuhan Gusti Alloh kitu téh, ku Sétan disalégorkeun. Anapokna téh: “Pangéran arandika téh henteu ngalarang ngadeukeutan éta tangkal, anging supaya arandika henteu jadi malaikat, atawa teu jadi ti antarana anu langgeng di Sawarga”. Dawuhan Gusti Alloh téh hadé, tapi ku anu julig mah bet jadi teu hadé. Numawi Rosululloh SAW tos ngawadian ka mu’min, jalmi anu ariman, sangkan nyarita anu bener atawa jempé. Lamun tacan ngarti atawa tacan kaharti kana omongan anu nepi kana ceulina, leuwih hadé jempé. Hal ieu sapagodos sareng dawuhan Alloh SWT dina Al-Quranul Kariem WALAA TAKFUU MAA LAESA LAKA BIHII ‘ILMUN – jeung poma arandika teu meunang tuturut munding kana saniskara anu arandika henteu boga élmu, teu boga pangaweruh, kana éta perkara téh, tong waka ngilu ancrub anu leuwih jero, mun tacan bener-bener ngarti kana éta urusan.

Kiwari dina jaman kamajuan, jaman dunya tos ngalaman heureut, naon waé kajadian di hiji tempat di dunya ieu, sakedet nétra bakal kadéngé jeung katangén ku balaréa di sabagian dunya séjénna. Omongan naon waé atawa pagawéan naon waé bakal kanyahoan ku balarea disaantéro jagat ieu. Moal bisa disumput salindungkeun. Teu bisa dibuni-buni, da diucah-acéhkeun ku Embah Google. Contona anyar-anyar ieu Ratna Sarumpet (RS), geus nyieun kaanéhaan anu teu disangka-sangka. Inyana geus ngabohong, ngaku-ngaku geus dirogahala beungeutna dipermak, nepi ka babareuhan. Jalma anu haténa beresih, simpati ka RS, ngilu sedih. Ngilu mangkarunyakeun, manghajakalkeun. Tapi RS ngaku geus dianiayana téh, bohong, wadul alias hoaks. Atur guyur, jalma-jalma pating calawak, pating hohowak. Komo jalma anu tadina geus ngéwa ka RS mah, ngomongna digaredé-gedékeun. Délan, ngagedéan di jalan. Sajeungkal jadi sadeupa. Kituna téh amuratel kaluar ti sungut ka sungut. Mani harus batan goong. Malah aya anu usul sangkan poé kapanggih wadulna RS téa, dijadikeun HARI HOAKS NASIONAL. Terus ngarémbét jalma anu ngarasa simpati ka RS, dituding sakongkol, sailon. Aya jalma pangkat Profésor, ti umat Islam kénéh, nandeskeun yén anu ngoméntaran bakat ku ha’at ka RS, geus aya hiji bukti pikeun diséréd, cenah.  Kudu diusut  Padahal teu mais teu meuleum. Teu ngilu ngrarancana pikeun nyieun hoaks. Jeung deui, ngoméntaranna ogé sanggeusna ditanyakeun sacara langsung ka jinisna. Geus tabayyun. RS keukeuh ngaku geus dirogahala, dikaniaya.

Aya anu mentegeg dina angen, sareng nyungkelit dina ati, lantaran teu kahart. Naon maksudna RS ngabohong? Naha geus dipikir pibalukareunana, éta omonganana téh? Atawa ngan ukur jadi wayang, disatukangeunana aya dalang? Atawa ngan ukur heuheureuyan (iseng) wungkul, sangkan kafilem, atawa sangkan kasohor ka janapria? Sarébu pertanyaan, jawabna ngan semet “Duka teu nyaho! Teu apal kana kalangkang anu aya di satukangeunana”. Sabab saha pijalmaeunana anu apal kana gerentes haté manusa. Laut jero bisa dijugjug, tapi haté sanajan déét moal kakobét. Kajabi ku Gusti Alloh, Anu Maha Uninga. Ngan kuduna mah RS teh apal yén ngalakukeun laku-lampah bohong awal ahir bakal katohyan. Sabuni-bunina anu mungkus tarasi awah ahir bakal kasungsi. Kaambeu bauna.

Ku aya kajadian kitu, kum pikeun umat Islam teu kénging gurung-gusuh dina ngoméntarana. Sabab gurunggusuh mah datangna ti Sétan. Kedah émut ayeuna mah cakcak bodas rapang. Jalma julig garikgik. Sareng deui di nagara urang tos aya UU ITE husus, anu bisa ngeurad beuheung. Amalkeun wé dawuhan Rosulullah SAW, “Prak nyarita anu bener, atawa jempé”. *** (Drs. H. E. Dudu Abdullah Sadili/Dewan Redaksi Majalah Bina Da’wah)

Comments
To Top