Basa Sunda

Komunis Geus Nyaliara Di Pamaréntah

KOMUNIS lamun diténjo tina bukti-bukti dina ambahan kahirupan, nya saperti nu karasa kiwari, hésé pikeun dibuktikeunna kalawan jinek tur tétéla. Mana komo lamun kudu dibuktikeun sacara pakta nyata mah, yén Komunis téh sacara idiologi masih nyaliara, hésé pisan.

Lamun nénjo wujud kagiatan Komunis saperti kiwari, nu ku maranéhna dipunjulkeun dina widang ékonomi éta gawé barengna téh lain ukur dihucuhkeun jeung nagara Komunis saperti China Komunis wungkul, tapi maranéhna ogé satékah polah ngeliran kawijakan Pamaréntah ku karepna, saperti dina soal karéta cepat Jakarta – Bandung nepi ka kacida pisan lemahna. Sabaraha rébu cik kira-kira karyawan anu dipikahayang ku maranéhna, pikeun digawékeun? Apan nepi ka kiwari Pamaréntah eutik ogé teu boga daya tawar naon-naon.

Sajaba ti éta Komunis dibawah tanah ogé gerak dina widang politik, nu gawéna téh sok magedrugkeun panétélaan ulama Islam jeung Pamaréntah, nepika Pamaréntah nyieun kawijakan-kawijakan nu saolah-olah yén umat Islam téh teu Pancasilais, teu NKRI, anti bhineka tunggal ika jeung réa-réa deui. Contona saperti dijieunna PERPPU Ormas. Padahal lamun nyukcruk kana sajarah nya bakal katingali yén nu disebut Piagam Jakarta téh eutik ogé teu aya anu patojaiyah jeung Pancasila. Lamun sakumna agama ngalaksanakeun ajaranna luyu jeung papagon agamana, utamana Islam, nya geus pasti bakal kairong kabéh. Ku naon nu dijanggélékkeun dina sila kahiji tina Pancasila, tapi hanjakalna rumusan Pancasila nu sabenerna téh nepi ka kiwari ogé ku Pamaréntah acan kungsi dijieun. Sok sanajan aya sawaréhna nu dijanggélékkeun saperti dina 4 sasaka atawa 4 pilar Pancasila anu sering dibaca di DPR/MPR anu dibalikeun deui kana agamana masing-masing. Tah, kuduna mah Pamaréntah méré panyalindungan ka umat Islam dina ngalaksanakeun ajaran agamana luyu jeung kitab sucina, nyaéta al-Qur’an katut as-Sunnah. Kitu deui dulur-dulur urang nu ngagem agama séjénna luyu jeung kitab agamana masing-masing. Lamun téa mah dina prungna umat Islam ngalaksanakeun ajaran agamana aya nu patojaiyah jeung agama séjén, éta apan lain SARA. Da geus pasti bakal béda. Pon kitu deui agama séjén, éta dumasar kana kitabna masing-masing. Tah, apan anu kudu dikahareupkeun téh sikep silih ajénan. Pamaréntah kudu bisa ngajanggélékkeun sikep toléransi antar umat beragama, nu kiwari diadukeun ku manusa Komunis.

Kawijakan Pamaréntah kiwari teu ngatur ngeunaan ajén-ajén nu sipatna bisa ngahucuhkeun kana kamusyrikan. Saperti nu aya di Tuban, maranéhna nyieun tapékong atawa patung déwa perang anu ngajungkiring gedé tur jangkung. Tah, lamun maranéhna boga sikep toléransi apan kuduna mah nyieun patung téh di jero tempat ibadahna sorangan, lain di tempat umum. Patung, pikeun umat Islam mah apan jelas syirik. Jadi hal-hal anu saperti kitu téh kuduna mah diatur. Tah, lamun Pamaréntah konsékwén kana Pancasila, nya perlu rumusan nu jinek tur tétéla. Anu kieu téh dimangpaatkeun ku gerakan Komunis anu tiarap di bawah tanah. Lamun anu nentang disebut SARA, anu dituding salah geus pasti umat Islam deui. Padahal lamun ngadurenyomkeun kitab suci, nya geus pasti patojaiyah jeung umat Islam. Ku sabab kitu kawijakan-kawijakan anu dijieun ku Pamaréntah, kudu dirumuskeun kalawan bener luyu jeung Pancasila. Ulah nyieun konsép téh ukur nuturkeun uteuk wungkul. Konsép Pancasila tina sila kahiji tug nepi ka sila-sila nu séjénna kumaha. Tarékah sangkan urang boga ajén hareupeun nagara-nagara internasional, nya ulah waka beukah irung pedah dipuji dikalem ari euweuh bukurna mah, saperti dina widang ékonomi.

Bener eutikna mah aya bukti tina pangwangunan infrastuktur saperti pangwangunan désa, jalan, tapi ulah poho panyéléwéngan saperti korupsi ogé mahabu, narkoba nerekab. Tah, ieu téh mangrupa taktik jeung alpukahna Komunis di bawah tanah.

Asupna narkoba ka Indonésia dina jumlah ratusan ton, geus pasti laku-lampahna urang Komunis. Lamun anu mawana disebut Komunis geus pasti bakal nolak bébéakan. Jeung manéhna moal ngangken yén dirina téh urang Komunis. Tapi tetep baé yén nu kitu téh laku-lampah nu patojaiyah jeung ngarumpak Pancasila, manakomo jeung agama Islam. Ku sabab kitu Pamaréntah kudu nyieun kawijakan nu jinek tapsir Pancasila jeung toléransi beragama nu puguh réngkolna. Kitu deui dina penegakan hukum, Éta ogé kudu jelas tur tegas. Naha ku naon aparat teu dibéré lolongkrang pikeun ngahukum manusa nu mawa narkoba nepi ka ratusan ton lobana. Apan éta téh kuduna mah dihukum pati. Naha nagara urang maké jeung sieun ku nagara deungeun. Bari  anu ruksak mah apan bangsa urang sorangan. Tah, ieu téh mangrupa stratégi-stratégi nu dilakukeun ku Komunis di bawah tanah.

Urang teu nuding PKI masih nanjung. Tapi lamun ngabandungan kana kabiasaan jeung laku-lampah manusa nu ngagem paham Komunis, éta masih mahabu. Maranéhna gerak nyieun alpukah pikeun ngancurkeun jeung ngalemahkeun kaom Muslim tina jihat akidahna. Saperti mahabuna tapékong di Purwakarta, di Tuban, anu nurutkeun Islam mah kuduna dibuburak sabab patojaiyah jeung Ketuhanan Yang Maha Ésa, nu jadi sila kahiji tina Pancasila. Sajaba ti éta pajabat-pajabat nu ngaku dirina Islam ogé teu mapaésan dirina ku ajén-ajén Islam nu nyoko kana al-Qur’an katut as-Sunnah. Jadi maranéhna nyukupkeun dirina dina ngagem agama téh ukur ku sholat, puasa, haji, kawin wungkul. Ari dina widang politik, social, budaya jeung tékték bengék séjénna mah éstu towong tina ajaran Islam. Padahal Islam téh apan ngawengku sakabéh hurip-hirup manusa.

Tah, Komunis asup kana hambalan ieu. Maranéhna ngadu-ngadukeun antara Pamaréntah jeung umat Islam nepika silih herengan. Anu ngabuburak jeung ngawut-ngawut ormas Islam ogé ngakuna mah agama Islam. Anu dituding téroris bari teu kungsi bisa dibuktikeun, sabab langsung dipaténi, apan nu néwakna ogé ngakuna mah umat Islam. Jadi lamun antara Pamaréntah jeung umat Islam, atawa umat Islam jeung umat Islam terus silih herengan jeung silih cakar, tah éta téh bagian tina tarékah jeung cara Komunis nu resep ngadu-ngadu batur. Nalika nu dikécéngna geus paraséa, nya maranéhna kari ngala jeung metik hasilna ku cara ngarebut kakawasaan nu jadi inceran maranéhna.

Ku sabab kitu, Pamaréntah kudu méré panyalindungan ka nu jadi rahayatna ku Pancasila. Carana, nya taya lian ku dibalikeun deui kana agamana masing-masing. Pamaréntah ulah boga anggapan yén umat Islam téh golongan oposisi. Da dina Islam mah aya ajaran nu disebut amar ma’ruf nahyi munkar. Urang salaku umat Islam teu boga kakawasaan, nya maranéhna boga anggapan yén umat Islam téh intoléran. Nalika umat Islam nganaha-naha atawa ngaributkeun kana gerakan pamurtadan ti agama Kristen ka umat Islam, Pamaréntah lain nyiptakeun régulasi atawa aturan penyebaran agama nu kuduna mah dijadikeun undang-undang, tapi kalahka nyalahkeun umat Islam. Tah ieu ogé mangrupa cara gerakan Komunis bawah tanah.

Kacindekanna, Pamaréntah kudu diuk bareng jeung sakumna komponén masarakat utamana umat Islam nu jadi mayoritas, pikeun nyieun konsép toléransi nu sabenerna. Pamaréntah kudu ati-ati jeung waspada kana gerakan Komunis di bawah tanah nu gawéna sok ngadu-ngadukeun umat Islam, boh jeung Pamaréntah, jeung sasama muslim, pon kitu deui jeung luar Islam. ***

H.M. Daud Gunawan

Comments
To Top