Basa Sunda

HEULAKEUN ANU SAEUTIK MADLOROTNA

DINA ajaran Islam, diajarkeun ka urang sangkan dina sagala segi kahirupan téh maksimal. Ngetrukkeun ihtiar kalawan maksimal téh parentah Alloh SWT, saperti anu kaunggel dina al-Qur’an Surat Ash-Shoof ayat 10-11, anu tarjamahna:

Hé jalma-jalma anu ariman! Naha hayang maranéh dituduhkeun kana hiji perniagaan anu bisa nyalametkeun maranéh tina siksa Alloh anu nyelekit. Nyaéta maranéh ariman ka Alloh ka Rosul-Na jeung enya-enya bajuang di jalan Alloh ku harta jeung jiwa maranéh, éta leuwih hadé pikeun maranéh lamun téa mah maranéh nyaraho”.

Ayat di luhur maréntahkeun ka urang sadaya, sangkan enya-enya ngabéla agama Alloh SWT, bajuang dina sagala segi kahirupan, boh dina aspek politik, pendidikan, ékonomi, sosial jeung anu séjén-séjénna. Ngahucuhkeun karep kalawan maksimal ieu ngarupakeun paréntah. Lamun teu enya-enya maksimal teu bina ti jalma anu pegat harepan.

Kuring dina jaman Orde Baru, kungsi nyieun sikep teu daék milih dina nalika pemilihan présidén tug nepi ka jaman Réformasi. Kakara dina jaman Réformasi kuring daék ilubiung milih présidén. Robahna sikep kuring ieu sabada kuring gunem-catur jeung sesepuh di Déwan Da’wah. Tétéla geuning sesepuh mah ti baheula ogé sok aub milih présidén dina énggoning ihtiar. Anapon hasilna saur para sesepuh ka kuring waktu harita tetep urang pasrahkeun ka Alloh SWT. Ihtiar ieu mémang katingalina acan maksimal. Tapi lamun ningali kana koidah jeung katangtuan anu ditetepkeun ku para ahli pikih ditétélakeun, dina widang politik téh nalika milih pamingpin kudu diheulakeun anu saeutik madlorotna.

Lamun ningali kana sagala rupa kawijakan anu katukang-tukang, tétéla loba pisan pasualan-pasualan anu kawilang prinsip. Saperti kabébasan beragama anu teu bener tur di apilainkeun. Nepika sawaréhna jalma aya anu boga anggapan, yén toléransi beragama téh hartina kudu silih tarimakeun dina agama. Dina hal ieu kuring ningali, aya kakaliruan tafsir dina bagbagan toléransi beragama di Indonésia, kaasup Majlis Ulama. Tapi sakali deui, lain lembagana anu katohyan saukur nuturkeun réangna saur manuk wungkul, nepi ka teu wani pikeun ngayugakeun jeung netepkeun makna anu sajati tina toléransi beragama. Baheula kungsi lahir kode-étik penyebaran agama, tapi deui-deui hanjakalna teu kungsi dituturkeun ku kawijakan régulasi, anu antukna teu aya hasil anu nyugemakeun. Balukarna anu dituding teu toléransi téh anger ummat Islam deui.

Sajaba ti éta, pirang-pirang aliran sasar ogé teu kungsi dibuburak. Anu kabandungan malah anu dibuburak jeung ditindak téh aliran anu can karuhan patojaiyah jeung Pancasila. Anu geus tétéla nembrak patojaiyah jeung Pancasila malah kalah ka dikukut jeung diantep hirup saperti aliran kapercayaan, kejawen anu kiwari diangken ku pamaréntah, nepika maranéhna rék dibéré lolongkrang dina KTP-na bakal disadiakeun rohangan agama husus pikeun maranéhna. Ieu sarua jeung ngantep pasyirikan, da maranéhna mah golongan manusa anu teu boga kitab, teu puguh nabina manakomo anu jadi pangéranna.

Ku sabab kitu ka hareupna muga-muga ummat Islam dina widang politik ieu mingkin beunta, nepika bisa milih pamingpin téh anu bener tur reugeujeug, pamingpin anu moal ieuh daék sakarep ingsunna dina napsirkeun sagala perkara anu salah tur mahiwal. *** (H.M. Daud Gunawan – Majalah Bina Da’wah No. 464)

Comments
To Top